Senin, 18 Juni 2012

Pidato Hikmah Sholat bahasa Sunda

Pidato HIKMAH SHOLAT 1

Assalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh..
Di samping teu di salempak,,, kakuping tapi teu kompak.
Assalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh..
Mareme buahna kesemek,, rame ngan ciga nu rada arambeuk...

Bismillahirrohmaanirrohiim, Alhamdulillahirobbil’alamiin,,, waSholatu waSsalamu ‘ala sayyidina Muhammadin wa’alaa alihi washohbihi ajma’iin.. amma ba’du,

Ibu-ibu anu lalucu,, bapa-bapa anu garaya,, teteh-teteh anu saroleh,, sareng aa-aa anu getol ibadahn..!!
Puji sareng syukur urang panjatkeun ka hadirat Allah SWT., Sholawat sareng Salam urang sanjungkeun ka junjungan urang sadaya nyatana kang jeng Nabi Muhammad SAW., ka kulawargina, ka para shohabatna sareng sadaya ummatna, kalebet urang sadayana. Amiin yaa robbal ‘alamiin…

Hadirin anu dimulyakeun ku Allah SWT.,
Nepangkeung nami abdi M. Zaky Mubarok, Zaky bade ngajak ibu-ibu sareng bapa-bapa sadaya kanggo tafakkur,,
Zaky bade naros kasadayana,,
Sok Sholat tara………….???  Ah, yang bener………!
Gening taarna henteu harideung,, da nu sok Sholatmah taarna teh sok hideung sabab dianggo wae sujud,, naha urang mah henteu hideung nya..???

Hadirin anu dimulyakeun ku Allah SWT.,
Aya hiji pertarosan anu peryogi kuurang di waler,,, nyaeta:
-      Kanggo naon urang sadayana ngalakonan SHOLAT..??
Mau tau jawabannya???
Ibu-ibu Mau tau???
Bapa-bapa mau tau juga???

Kita nantikan Jawabannya setelah pesan-pesan berikut ini.,
Wassalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh…





Pidato HIKMAH SHOLAT 2

Assalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh..
Alhamdulillahirobbil’alamin,,, wabihi nasta’inu ‘ala umurid dunya waddin, washollallohu ‘ala sayidina Muhammadin khotamin nabiyina wal mursalin, wa’ala alihi wasohbihi ajma’in.. Amma ba’du.,
Hadirin qoum Muslimin wal Muslimat anu dimulyakeun ku Allah SWT.,
Dina sasih ieu aya hiji peristiwa anu agung, dimana Nabi Urang sadayana Kangjeng Nabi Muhammad SAW., diundang ku Allah SWT kanggo angkat ka Hadirat Allah., anu disebat peristiwa ISRO MI’RAJ.,
kanggo naon Nabi Muhammad diundang ku Alloh?
Terang teu bu….?    Terang teu pa..?

Nyaeta kangjeng Nabi sareng umatna bade dipasihan tugas ku Allah SWT kanggo ngalaksanakeun ibadah anu pokok nyaeta IBADAH SHOLAT.,

Aya hiji nadzoman tina Hadits sapertos kieu :
“Man taroka sholatan khomsan liman kana muta’amidan fajazaa’uhum, fajazaa’uhum jahannam kholidun fiihaa..
“saha jalma tinggal sholat, lima waktuna diliwat
Maka dibales-maka dibales dilanggengkeun di Naraka Jahannam”

Janten atuh urang salaku umat Nabi Muhammad SAW teh kedah getol ngalaksanakeun ibadah SHOLAT,,,

Kanggo naon urang ngalakonan SHOLAT ???

Kalau mau tau jawabannya, jangan kemana-mana..!!!
Kita nantikan setelah pariwara berikut ini.,

Wassalamu’alaikum Wr. Wb.



Pidato HIKMAH SHOLAT 3

Assalamu’alaikum Wr. Wb.
Alhamdulillahirobbil’alamin,, wal’aqibatu lil muttaqiin walaa ‘udwaana illa ‘aladzolimiin…
Allohumma sholi wasallim ‘alaa sayidina muhammadin wa’ala alihi wasohbihi waman tabi’ahu ila yaumiddin.. amma ba’du
Sakumaha parantos kauninga ku urang sadaya ibadah anu pokok anu wajib ku urang dilakonan teh nyaeta ibadah SHOLAT., berarti urang sadayana teu kenging ngantuneun SHOLAT sanajan sawaktu., ulah ciga nadzoman sikabayan:

Barang datang waktu subuh urang sadaya kalahka tunduh, tuh tinggaleun sholat subuh nukitu jalma teu puguh.,
Barang datang waktu lohor bapa-bapa kalahka molor tuh tinggaleun sholat lohor nukitu kudu ditakol.,
Barang datang waktu ashar ibu-ibu kalah kapasar, tuh tinggaleun sholat ashar nukitu jalma kasasar.,
Barang datang waktu maghrib para pemuda kalah gudag-gedig, tuh tingaleun sholat maghrib nukitu anakna jurig.,
Barang datang waktu isya para gadis kalah ngagaya, tuh tinggaleun sholat isya nukitu incuna Kuya.,

Naha atuh meni kedah-kedah teuing urang ngalakonan sholat teh?? Naha teu kenging ijin heula sadinten mah??? Atanapi sholatna dirapelkeun saminggoneun supados salse teu sholat saminggoneun??
Ah teu kenging, tetep we urang kedang sholat teh sawaktos-sawaktos sakumaha dawuhan Alloh “INNASHOLATA KANAT ALAL MU’MININA KITABAM MAUQUTA” sayaktosna SHOLAT teh kawajiban jalmi anu beriman anu tos tangtos waktosna.,

Kanggo naon atuh urang ngalakonan SHOLAT teh, meni dugi ka teu kenging kalangkung sanajan sawaktos.,
1. Supados urang ngaraos tentrem manah., sakumaha pidawuh ALLOH bismillahirrohmanirrohiim. : Aqimisholata lidzikrii, alaa bidzikrillahi tatmainnul quluub., hartosna prak adegkeun sholat pikeun eling ka Kami, sing emut ari eling ka Allah teh tiasa nengtremkeun manah.,
2.    Supados urang janten jalmi anu tiasa ngaraksa tina perbuatan awon sareng perbuatan anu ngarugikeun boh kana diri nyalira atanapi kanu sanesna., sakumaha dawuhan Allah : Inna sholaata tanhaa anil fahsyaa I wal munkar hartosna sayaktosna SHOLAT teh bisa nyegah tina perbuatan keji sareng mungkar,
Alhasil urang sadaya pasti janten jalmi anu taqwa, taat ka  Allah SWT, tur bakal janten jalmi ahli Syurga., amiin yarobbal alamin

Sakitu anu kadugikeun mudah2an ageung guna sareng manfaatna,
Hatur nuhun kan perhatosan nana hapunten tina sagala kakhilafanan.,

Kalau ada sumur diladang boleh kita menumpang mandi, kalau ada umur panjang boleh kita berjumpa lagi..
Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

4 komentar: